XtGem Forum catalog

Masjid Nurul Iman
tahun 2011
Prakata :
Asslamualaikum Wrwb.
Hatur nuhun ka Allah Swt. Rohmat sinareng Sallam mugi dilimpahken Jungjunan Alam ka kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Alhamdulillah Simkuring dina waktos iyeu masih keneh dipasihan kasehatan sareng kakiatan kangge mieling Junggunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Dina waktos iyeu simkuring bade berbagi Nadoman anu kantos diajarken di Masjid Nurul Iman anu ayana di Pahampoan.
Mudah-mudahan tiasa manfaat khususna kanggo Simkuring sareng anu maos iye ramatloka, nya utaminamah kanggo kaum Muslimin wal Muslimat.
Sanes maksad mamatahan hojay ka meri atanapi minteran, da Simkuring oge papatahaneun keneh, mung iyeu mah saukur berbagi.
Bilih aya seratan anu kirang tepat, neda sihapunteuna bae.
Mangga Ditingal manawi aya waktos, etang-etang Nyawang mangsa katukang.
Nyanggakeun iyeu Nadoman ยป

Hatur Nuhun ka Bapa sareng Ibu anu parantos ikhlas ngajarken elmu ka Simkuring, mugi di ganjar ku Allah Swt anu langkung ti eta, Amiin Yaa Robal alamiin.
Hatur Nuhun ka :
Bpk. H Mansyur
Bpk. Jumaeli
Bpk. Nuryamin
Bpk. Solehan
Bpk. Koswara
Bpk. Darso

Sareng anu sanesna.
Mugi Kasadayana di Paparin kasehatan sareng Kakiatan kanggo Dakwah ngagungkeun Agama Allah Swt. Amiin Yaa Robal alamiin.
Bilih bade Ngariung Mungpulung dina Facebook, diantos kasumpingan sareng Komentarna di :
Fans Page Ciopat Online
Grup Ciopat Chat

Home | 2024'05'07