Ring ring
Nadoman Pepeling Umat
Hayu geura saradia
Mengpeng ker hirup di dunya
Amal keur samperen tea
Di ahir moal sulaya.

Gening maot ngadodoho
Boro sok dipohopoho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek teu mere tempo.

Taya beurang taya peting
Taya raja taya kuring
Dimana ajal ges sumping
Teu meunang embung anaking.

Horeng nyawa eujeung badan
Nu ges lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan.

Lai meuran lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan.

Kaget rewas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deket ges teu katembong.

Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat.

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan.

Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah.

Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur.

Rek naon anu dibawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea.

Beunang tiisuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana solat mantak liwung
Waktuna jakatmah embung.

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Ditengah imah ngagoler.

Ngajolopong dituruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas.

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit sakarung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung.

Lawang amal ges ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet heunteu sanggup
Padahal waktu mah cukup.

Paingan Rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy heunteu nyubadanan.

Arti ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung.

Abong poe panganggeusan
Mana beurat amitan
Keun imah pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan.

Pasaran mendung dipayung
Tiluhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung.

ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deuket beuki deuket
Beuki deuket beuki deuket
Beuki deuket kana logak ruper heureut.

Duh gening enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeng tugenah
Ngarumah cukireuh susah.

Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan.

Mana sobat mana dulur
Gening buriak salembur
Heunteu maturan dikubur
Sumawon nambahan umur.

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Gening geus kieu mah kuring.

Handakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel.

Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih.

Engges montong rek sasambat
Teu guna engges kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat.

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana.

Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan.

Kumaca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping.

Back | Nurul Iman

Home | 2024'05'07