Polly po-cket
Nadoman Anak Adam
Anak Adam anjeun didunya ngumbara
Umur anjeun didunya teh moal lila.

Anak Adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peting dicontangan.

Anak Adam paeh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeng boeh anu dibawa.

Anak Adam pasaran teh lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan.

Anak Adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran tugenah.

Aduh Bapa aduh Ibu abdi keueung
Rup ku padung rup ku lemah abdi sieun.

Anak Adam di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan dikubur teh maca Qur'an.

Back | Nurul Iman

Home | 2024'05'08