Disneyland 1972 Love the old s
Nadoman Hikmah
21
Manusa unggul darajat
Dibanding jeung malaikat
Margi ku Kersa Ilahi
Dipaparinan pangarti.

Dipaparinan katerang
Apal ngaran barang-barang
Malaikat mah teu terang
Kana ngaran barang-barang.

Eta unggulna manusa
Dipaparin pangabisa
Ku Alloh Maha Kawasa
Hakim Maha Wijaksana.

Alloh Nu Maha Uninga
Kana rasiahna jalma
Nu kedal mangrupi lisan
Boh nu buni disimbutan.

22
Kasarakahna manusa
Kawitna ti Adam heula
Disarengan ku garwana
Nyaeta ku Siti Hawa.

Padahal Alloh midawuh
Ka Adam - Hawa sarawuh
Yen ulah rek wani-wani
Ngadeukeutan tangkal kholdi.

Anu ngarempak aturan
Eta jalma dolim pisan
Nu teu nurut ka parentah
Eta teh geus tangtu salah.

Sarakah teh sipat jalma
Nya kitu Adam jeung Hawa
Katambah diolo setan
Sangkan ngarempak larangan.

23
Adam jeung Hawa lat lali
Nararuang buah kholdi
Harita breh katingali
Salirana henteu buni.

Atuh isin sakalangkung
Buligir henteu disarung
Enggal ngala dangdaunan
Dianggo pikeun nutupan.

Lajeng Alloh teh ngadawuh
Ayeuna mah uah-iuh
Adam jeung Hawa ditundung
Kenging bebendu Yang Agung.

Ka dunya kedah ngumbara
Jeung bakal panggih gumbira
Tapi kudu cape heula
Tepi kana hiji mangsa.

Urang nu hirup ayeuna
Turunan Adam jeung Hawa
Mun hirup embung sangsara
Kudu cape gawe heula.

Urang oge bani Adam
Nu hirup di ieu alam
Kudu ngarandapan cape
Nya eta kudu digawe.

Alloh nampi pertobatna
Tobatna Adam jeung Hawa
Alloh Maha ngahampura
Ka sadaya dosa jalma.

Urang oge atuh sami
Kedah tobat ka Ilahi
Tangtosna ge dihampura
Da Alloh Heman kacida.

24
Yeuh sakabeh Bani Adam
Urang teh geus didawuhan
Bakal aya dawuh Suci
Pituduh Ilahi Robbi.

Urang mah pan gaduh Al-Qur'an
Eta pikeun tuduh jalan
Nya alhmadulillah pisan
Kenging ni'mat ti Pangeran.

Eusi Al-Qur'an lenyepan
Pituduh nu lempeng pisan
Tuduh jalan kaimanan
Sangkan henteu sasab jalan.

Nu mawi sing ati-ati
Tong nyeceleh ayat Suci
Bilih dibendon ku Gusti
Di narakana abadi.

25
Lamun urang gaduh jangji
Ka sasama pada jalmi
Komo jangji ka Ilahi
Kudu dicumponan pasti.

Mungguh pidawuh Pangeran
Al- Qur'an moal nyalahan
Moal papalimpang eusi
Da puguh dawuh Nu Suci.

Kade ulah wani-wani
Nukar-nukeur ayat suci
Mokaha nyanyahoanan
Eta teh dilarang pisan.

Nukar-nukeur ayat suci
Marukan teu matak rugi
Hayang untung leuleutikan
Bakal dibendon Pangeran.

26
Aya sawarehna jalmi
Nu mokaha wani-wani
Maksudna mah embung rugi
Hayang untung anu pasti.

Nyampur aduk sakarepna
Nu halal jeung nu haramna
Hak batur ge digerejud
Hawek tukang kakad-kukud

Hak batur ulah digasab
Kitu lampah eta sasab
Moal jamuga nya diri
Cilaka anu geus pasti.

Kitu laku estu salah
Lampah kitu kudu cegah
Hak batur ulah direbut
Nu kitu teh goreng patut.

27
Solat wajib anu lima
Kade kudu dipiara
Eta tihangna agama
Tandaning jelema takwa.

Mayar jakat ulah elat
Sabab eta teh amanat
Tandana jelema to'at
Ku Alloh bakal dirahmat.

Hayu geura sujud ruku
ka Alloh madep mituhu
Bareng jeung jalma nu iman
Nu sumujud ka Pangeran.

Kapan maraca Al-Qur'an
Naha henteu dilenyepan
Geura ku andika pikir
Nu matak sing mindeng Dzikir.

Back | 1 | 3 | 4 | 5 | 6

Home | 2024'05'20