The Soda Pop
Nadoman Hikmah
16
Aya warta matak bungah
Keur jalma anu sumerah
Nu resep amal ibadah
Nu ngomean lampah salah.

Ka jalma nu laku hade
Rek lalaki rek awewe
Alloh moal hare-hare
Bakal diganjar nu hade.

Matuhna ge di sawarga
Sawarga endah kacida
Langgeng matuhna di dinya
Nampi kurnia Mantenna.

Linggih di Janatunna'im
Patempatan anu mu'min
Sawargana kanimatan
Di dunya taya bandingan.

17
Dina Al-Qur'an nu mulya
Seueur simbul jeung siloka
Silib sindir jeung sasmita
Anu mu'min mah percaya.

Perlambang teh tuduh jalan
Nu mu'min percanten pisan
Tapi ceuk jelema kapir
Matak sasab silib sindir.

Siloka sareng sasmita
Eta pituduh Mantenna
Tuduh jalan ka umat-Na
Sangkan teu sasab hirupna.

Pikeun ngahartikeun lambang
Urang sing asak jeujeuhan
Maca tapsir tarjamahan
Engke aya katerangan.

Saeusina jagata raya
Eta ge ayat Mantenna
Upami ditapakuran
Seueur rasiah Pangeran.

Ta pi keur jalma nu musrik
Silib sindir teu dilirik
Ayat-ayat ti Pangeran
Diantep teu dilenyepan.

Dasar jelema nu fasik
Hirupna teh estu musrik
Gawe nyieun karuksakan
Rugi lain meumeueusan.

18
Ari mungguhing manusa
Nnya tina taneuh asalna
Barang paeh mimitina
Lajeng dipaparin nyawa.

Barang paeh nya asalna
Bisa hirup ku Kersana
Pangersa Alloh Ta'ala
Kumelendang ngalumbara.

Lajeng ku Kersa Ilahi
Nu hirup teh paeh deui
Mulang ka asalna tadi
Sakabehna paeh deui.

Ku Kersana Maha Suci
Engke dina hiji wanci
Nu paeh teh hudang deui
Marulang deui ka Gusti.

19
Sumangga tingali bumi
Tafakuran ulah lali
Dunya ngampar lega pisan
Eta ciptaan Pangeran.

Sakur sugri nu gumelar
Pikeun manusa takajar
Mangpa'atna keur manusa
Khalifatullah di dunya.

Nu mawi ulah diruksak
Alam ulah digalaksak
Pibelkeleun keur manusa
Bekel hirup ngalumbara.

Payungna langit melengkung
Tawis kanyaah Nu Agung
Wiati nu tujuh lapis
Ti langit hujan miripis.

Ngan manusa sok mokaha
Mindeng hilap ka Mantenna
Ka Alloh Nu Maha Heman
Sok mindeng tara sukuran.

20
Kersaning Ilahi Robbi
Awalna nyiptakeun jalmi
Sapangersana Ilahi
Sadaya tangtos ngajadi.

Malaikat didawuhan
Sangkan sumujud ka Adam
Brek sujud taya nu baha
Iwal Iblis nu doraka.

Iblis teh sombong adigung
Dumeh tina seuneu hurung
Ngarasa unggul kacida
Dibandingkeun jeung manusa.

Iblis teh sombong kacida
Asa leuwih ti manusa
Padahal sadaya mahluk
Ka Alloh mah tangtos taluk.

Padahal anging Ilahi
Nu maphum mah anging Gusti
Mahlukna mah moal ngarti
Pangna Alloh nyipta jalmi.

Sakur jelema nu sombong
Kumaki jeung gede bohong
Eta teh baturna setan
Jeung idajli babarengan.

Ku kituna unggal jalma
Nu adigung adiguna
Eta teh baladna setan
Bakal dila'nat Pangeran.

Back | 1 | 2 | 3 | 4 | 5

Home | 2024'05'20