The Soda Pop
Nadoman Hikmah
28
Puguh mah kantenan pisan
Sabar teh ku abot pisan
Sok mehmehan kawalahan
Rek sabar teh sesah pisan.

Rek solat kaleked pisan
Mindengna hoream pisan
Ku rupa-rupa alesan
Padahal ngan jijieunan.

Padahal ku kasabaran
Eta teh keur mere jalan
Keur ngungkulan pasualan
Kasabaran teh nulungan.

Solat oge kitu sami
Bakal nulungan ka jalmi
Kitu pidawuh Pangeran
Solat jeung sabar lakonan.

Mangka husu hakul yakin
Percaya lahir jeung batin
Yen urang di hiji wanci
Bakal mulang ka Nu Suci.

29
Ari mungguhing manusa
Sok hilap kana asalna
Yen hirup di alam dunya
Kapurba Maha Kawasa.

Henteu kendat kenging ni'mat
Tur kenging kurnia rohmat
Punjul ti mahluk nu lian
Tapi sok hilap sukuran.

Nu mawi kedah iatna
Salira kedah diraksa
Diri pribadi dijaga
Bisa pinanggih cilaka.

Napsi-napsi pada-pada
Nanggung amal ibadahna
Moal aya nu nulungan
Ngan ditanggel ku sorangan.

30
Mung Alloh anu nulungan
Ka umatna anu iman
Urang omat ulah lali
Kana kisah nu bihari.

Keur israel ditulungan
Ku Alloh ditangtayungan
Tina kejemna fir'aon
Anu ku Alloh dibendon.

israel harita jangji
Bakal takwa ka Ilahi
Tapi kalah jalir jangji
Nyembah arca anak sapi.

Boa urang ge ayeuna
Aludar tina subaya
Nyarembah kana berhala
Mangeran ka harta banda.

Tapi lamun enggal sadar
Yen kitu laku teh ingkar
Enggal neda pangampura
Alloh Maha Wijaksana.

31
Nu dolim tong diturutan
Baheula geus kaalaman
Umat jaman Nabi Musa
Nyarembah arca berhala.

Padahal geus dielingan
Ku Nabi Musa utusan
Dina Toret geus diserat
Alloh maparin amanat.

Urang ge jaman ayeuna
Kade ulah kitu peta
Gawe ngumpul-ngumpul harta
Harta dijieun berhala.

Mun rumaos nyorang lepat
Atuh kedah gancang tobat
Da Alloh mah Maha Heman
Ngahapunten kalepatan.

32
Sadayana kitabulloh
Eta teh wahyu ti Alloh
Tur sanes dongeng carita
Nanging kisah anu nyata.

Kitabulloh kisah nyata
Urang wajib percantenna
Sanes dongeng jijieunan
Nanging firman ti Pangeran.

Sadaya pikeun pepeling
Sangkan manusa areling
Ulah dolim k aniaya
Bisi cilaka dirina.

Kudu buru-buru tobat
Bisi kaburu sakarat
Alloh bakal nampi tobat
Asal tobatna tong elat.

33
Ayeuna ge seueur pisan
Anu nyarita su'aban
Hayang ningali Pangeran
Nu kitu teh sombong pisan.

Jelema nu sombong kitu
Eta teh nu gede hulu
Geus kacontoan baheula
Jaman umat Nabi Musa.

Ulah sok asal nyarita
Rasa maneh geus utama
Padahal iman di doja
Ku napsu tong kaperdaya.

Asal ngomong eta ingkar
Bilih ku gelap dibentar
Upami Alloh teu heman
Tangtu moal dihirupan.

34
Panas dinten tengah poe
Meujeuhna pisan tangange
Panasna entak-entakan
Sagara keusik umpalan.

Titingalan ririakan
Hawa teh lir seuseuneuan
Panas teu aya tandingna
Di tengah gurun Sahara.

Lajeng ku Alloh Nu Heman
Mega ngalayang ngiuhan
Ka umatna Nabi Musa
Iuh dipayungan mega.

Dilungsurkeun keur leueuteun
Mana bilih halabhabeun
Dilungsurkeun oge salwa
Daging puyuh keur tuangna.

Alloh kalintang asihna
Ka umatna anu takwa
Nu dolim mah nya dirina
Alloh mah teu kaniaya.

Back | 2 | 4 | 5 | 6 | 7

Home | 2024'05'20