Nadoman Hikmah
10
Kuma pibakaleunana
Lamun pareng hiji mangsa
Urang teh nyeungeut palita
Tapi teu caang sinarna.

Kotret deui cekres deui
Ngahurungkeun korek api
Pareum deui pareum deui
Poek deui poek deui.

Rajeun palitana hurung
Tapi kalah tambah bingung
Sabab cahayana musna
Poek mongkleng buta rata.

Kitu minangka misilna
Nu munapek ibaratna
Lolong lahir jeung batinna
Sasab dunya aheratna.

11
Pareng leumpang tengah peuting
Poek mongkleng sepi jempling
Ngadadak baranyay kilat
Serab kilat sajorelat.

Jelebet sorana tarik
Dunya eundeur rek tibalik
Tinggorowok tingkoceak
Asa kiamat ngadadak.

Gelap dor-dar tingjelegur
Dunya asa arek lebur
Nu munapek tingjarerit
Sieun maot jadi mayit.

Careurik aluk-alukan
Anak bojo dicalukan
Tapi taya nu nembalan
Hayang salamet sorangan.

Kitu misil nu munapek
Leumpang ngatog di nu poek
Uyup-ayap rungah-ringeuh
Hatena tagiwur riweuh.

Nu munapek lolong hate
Teu apal goreng jeung hade
Cilaka estu cilaka
Nu munapek ka naraka.

Alloh Nu Maha Ngamurba
Ngamurba ka sadayana
Sadaya mahluk Mantenna
Alloh Nu Maha Kawasa.

12
Anu hatena ngolembar
Waswas hamham tara sabar
Caang pikir sagebrayan
Gancang leumpang rurusuhan.

Reup deui poek meredong
utag- atog rarang-rorong
Jen ngajentul mandeg mayong
Paningalna jadi lolong.

Lolong teh lolong batinna
Torek teh torek rasana
Musna rasa manusana
Nu kitu kapir ngaranna.

Nu matak ulah rek hamham
Sabab matak ipis iman
Ulah waswas ragu-ragu
Mandeg mayong mundur maju.

13
Eling-eling dulur kuring
Sing bisa ngaping ngajaring
Sangkan urang tetep eling
Ka Alloh Nu Maha Wening.

Ka Alloh urang sumembah
Sumembah iklas tur sadrah
Kade ulah salah nyembah
Mung ka Alloh urang nyembah.

Kapan urang diciptakeun
Ku Mantenna digelarkeun
Sami jeung anu baheula
Nu gelar leuwih ti heula.

Sumujud kedah ka Alloh
Wiridan ku asma Alloh
Muntang manteng mung ka Alloh
Maha Suci Gusti Alloh.

14
Ya Alloh Nu Maha Akbar
Estu waas matak kelar
Ningal daratan nu ngampar
Alam dunya nu ngagelar.

Ret neuteup ka awang-awang
megana pating kalayang
Langit teu aya tungtungna
Endah temen kasawangna.

Ti siang ngempray caraang
Titingalan awas lenglang
Ti wengi bentang baranang
Cahaya bulan gumiwang.

Teu lami hujan miripis
Ti langit hujan girimis
Hujan rohmat ti Pangeran
Mantenna Nu Maha Heman.

Tutuwuhan breng jaradi
Renung dina latar bumi
Sadaya eta rejeki
Paparin Ilahi Robbi.

Mekar sakur kekembangan
Leubeut sugri bungbuahan
Kukupu gegelebaran
Bangbara sareng nyiruan.

Mung ka Alloh nya sumembah
Kade ulah salah nyembah
Ulah rek nyembah berhala
Sabab eta teh doraka.

Lamun masih keneh hamham
Kana eusina Al Qur'an
Pek geura nyieun sasurat
Geura tiron ayat-ayat.

15
Lamun masih ragu-ragu
Yen Qur'an eta teh wahyu
Pek jieun sasurat bae
Masing alus masing hade.

Sesembahan penta tulung
Sangkan ngabantuan nulung
Mun berhala enya luhung
Hempek gancang penta tulung.

Tangtu andika mo bisa
Jeung tangtu moal rek bisa
Pek jaga diri andika
Sangkan ulah ka naraka.

Wahyu teh ti Gusti Alloh
lumungsur ka Rosululloh
Sanes damelan manusa
Pidawuh Alloh Ta'ala.

Back | 1 | 2 | 3 | 4 | 5

Home | 2024'05'20

XtGem Forum catalog