Disneyland 1972 Love the old s
Nadoman QS_78
04
Sumangga geura lenyepan
eusina ieu nadoman
welas asihna Pangeran
seueurna tanpa wilangan.

Mangsa magrib layung ngempur
palih kulon hurung mancur
langit lir disipun emas
matak hebat matak waas.

Poek mimiti ngalingkup
indung peuting geus ngarukup
dur magrib muadzin adzan
sorana antare pisan.

nu sholat enggal sarumping
di disarung nu disamping
ka mushola nu ka tajug
ka masjid pada ngajugjug.

Ya Alloh ku ni'mat pisan
sujud payuneun Pangeran
nampi nuhun ka Ilahi
anu maparin rejeki.

Henteu lami tengah peuting
nu kulem tibra ngajempling
dikirna marengan nafas
tibra kulrem bari iklas.

Ya Alloh Ilahi Robbi
jog anjog wanci janari
anu kulem gugah sakedap
solat tahajud teu hilap.

Tengah wengi sujud sukur
ka Alloh Nu Maha Gofur
sujud tobat ka Pangeran
hoyong lubar kalepatan.

Ya Alloh Ilahi Robbi
nu tahajud sujud lami
cisocana teh nyakclakan
sajadahna kabaseuhan.

Sujudna teuing ku husu
dikir sajeoring kalbu
pertobatna iklas pisan
miharep rido Pangeran.

Aya anu kulem deui
nampi ni'mat ti Ilahi
henteu lami adan subuh
gugah deui rada rusuh.

Siram beberesih diri
abdas ku cai nu suci
solat subuh di mushola
berjamaah sadayana.

Teu lami dunya bray caang
panon poe hurung herang
sadaya pada mariang
nu tatanen anu dagang.

Usaha nyiar kipayah
da eta jadi tarekah
ihtiar nyiar rejeki, paparin Ilahi Robbi.

05
Ieu wargi sadayana
sumangga dangukeun heula
ieu nadom kahaturkeun
dangukeuneun lenyepaneun.

Sumangga tingali langit
wedel mo bisa disebit
langit nyusun tujuh lapis
ku urang henteu katawis.

Euleuh itu panonpoe
medal unggal-unggal poe
ti wetan surya bijilna
di kulon engke surupna.

Panonpoe palitana
nyaangan saalam dunya
jadi cekas titingalan
dunya ngampar endah pisan.

Henteu lami aya mega
kumalayang di angkasa
langit ngadak-ngadak mendung
pihujaneun enggeus mayung.

Teu lami hujan miripis
murupuy hujan girimis
paralak hujan ngerepan
nyebor darat jeung tegalan.

Geus kitu breng tutuwuhan
jararadi subur pisan
ngemploh hejo titingalan
nu daunan nu kembangan.

Tutuwuhan subur pisan
henteu lami baruahan
cukul pisan pepelakan
patani barungah pisan.

Kitu asihna Pangeran
ka mahlukna mikaheman
nu mawi kedah sukuran
nampi ni'mat ageung pisan.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19