Nadoman QS_78
06
Nu disebut poe Fashli
eta teh teu aya deui
iwal ti poe kiamat
poe wawales teu lepat.

Lajeng ditiup sangkala
kiamat dadak sakala
sadaya mhluk palastra
pada ngaleupaskeun nyawa.

Panto langit nembrak muka
sareng kabeh nyawa jalma
lumebet ka eta panto
panto langit nu molongo.

Poe Fashli bakal cunduk
bakal maot sugri mahluk
sadayana tilar dunya
kiamat teh nya harita.

07
Ari dintenan kiamat
estu kajadian hebat
dunya genjlong gunjang-ganjing
ngarandeg henteu nguriling.

Gunung gunung tingbaliur
rabeng haliber kalabur
tingsoloyong tingkoleang
tingbelesat ngawang- ngawang.

Gunung-gunung teh baritu
sawareh pada diadu, henteu aya anu nyesa
alam dunya jadi rata.
Anu nyesa kari lebu
ngebul di dieu di ditu
alam dunya ririakan
hawa panas nyongkab pisan.

08
Poe Fashli poe ahir
cilaka jalma nu kapir
nyawana teh matak watir
sabab hirupna mubadir.

Ka naraka disuntrungkeun
seuneu panas disampakkeun
sabab keur hirup di dunya
ka Alloh teu iman takwa.

Di narakana teh langgeng
abadi saendeng-endeng
panto naraka ditutup
panasna moal kauntup.

Nu kapir disiksa beurat
langgeng keuna ku pangla'nat
cilaka estu cilaka
nu kapir bakal disiksa.

09
Lamun bae urang terang
anu kapir keur dipanggang
dikulub jero naraka
estuning watir kacaida.

Maot henteu hirup henteu
diduruk jeroning seuneu
halahab hanaang pisan
hayang nginum kapanasan.

Nu aya cai ngagolak
panas pacampur jeung ruhak
bau bangke matak utah
da pacampur reujeung nanah.

Kitu gambaran naraka
nu matak urang sadaya
kudu iman kudu takwa
ka Alloh Nu Maha Esa.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19

XtGem Forum catalog