Nadoman QS_78
10
Dangukeun ieu nadoman
pikeun jadi paringetan
saha nu nolak Al-Qur'an
tangtuna kenging siksaan.

Komo anu nyebut palsu
kana Al- Qur'an teu ngaku
Al-Qur'an disebut dongeng
nu kitu dosa singhoreng.

Ari siksa nu katampa
saimbang reujeung dosana
moal langkung moal kirang
siksaan bakal saimbang.

11
Bagja teuing nu muslimin
keur muslim teh sarta mu'min
jaga bakal ka sawarga
sabab iman sarta takwa.

Sawarga teuing ku endah
patempatan matak betah
seueur kembang seueur buah
estu matak tumaninah.

Buah anggur ruruntuyan
cukul sakur kekebonan
gelas kristal nu harerang
ngaleueut lamun hana'ang.

Dijaga ku mojang geulis
lalucu sarta maranis
di sawarga matak betah
teu aya pisan kasusah.

Sawarga teh keur ganjaran
ka jelema anu iman
Alloh Anu Maha Heman
ka mahlukna anu iman.

12
Gusti Alloh Nu Kawasa
Gusti Alloh Maha Esa
Pangeranna jagat raya
nu disembah ku mahlukna.

Dina dintenan kiamat
jaga di alam aherat
taya nu wani unjukan
iwal mun widi Pangeran.

Malaikat nu ngajajar
sadaya wirid istigfar
mun ku Alloh dipariksa
unjukan satarabasna.

13
Eling-eling yeuh baraya
dangukeun ku sadayana
nadoman penting kacida
matak kudu iman takwa.

Ari perkara naraka
eta teh pasti ayana
kahade ulah cangcaya
urang wajib percayana.

Lamun hayang ka sawarga
atuh kudu iman takwa
nyembah ka Alloh Nu Esa
ulah nyembah ka berhala.

14
Ieuh dulur sadayana
dangukeun nadoman heula
eusina penting kacida
pamungkas surat An-Naba'.

Ari kiamat teh pasti
bakal cunduk hiji wanci
nembrak gawe unggal jalmi
sakabehna ge kaciri.

Tah harita kajadian
anu kapir gogoakan
amal gawe kabandungan
nembrak kabeh kasaksian.

Leungeunna kabeh nyarita
naon nu dipigawena
anggota badan lianna
jadi saksi ka dirina.

Anu kapir teh careurik
hanjakal keur hirup musrik
mending keneh jadi lebu
moal ngalaman hanjelu.

Jadi taneuh mah teu nista
da tara milampah dosa
jadi manusa mah nista
da bongan milampah dosa.

Tina Surat An-Naba'

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19

Old school Easter eggs.