Nadoman QS_79
05
Kacarios Nabi Musa
harita linggih di Thuwa
munajat ka lenggah Gusti
kenging dawuh ti Ilahi.

Pidawuh Alloh Ta'ala
katampi ku Nabi Musa
yen kedah angkat ka Mesir
nepangan Fir'aon kapir.

Raja Fir'aon kamashur
kaasup raja nu kupur
galak gangas ngagalaksak
di dunya ngan nyieun ruksak.

Sugan mun ku Nabi Musa
Fir'aon robah adatna
tina kapir jadi takwa
nyembah ka Alloh Ta'ala.

Lajeng bae Nabi Musa
ngajugjug ka Mesir tea
maksadna bade nepangan
Fir'aon rek dielingan.

Mun Fir'aon daek eling
ku Musa bakal diaping
dituyun ka jalan iman
nyembah ka Alloh Nu Heman.

Malah Kangjeng Nabi Musa
ningalikeun muji'zatna
tapi Fir'aon mantangul
bedegong keukeuh ngabedul.

06
Dasar Fir'aon nu kapir
hese diajakan lilir
napsuna angger ngaberung
dasar kapir jalma linglung.

Malah jadi malik ngewa
miceuceub ka Nabi Musa
pajar sarapna kaganggu
ngaku- ngaku meunang wahyu.

Dikumpulkeun rahayatna
pok Fir'aon teh nyarita
pangeranna Nabi Musa
eta teh bohong kacida.

Pangeran mah nya kaula
nu disembah sanagara
Fir'aon anu ngawasa
kitu Fir'aon ngomongna.

Gusti Alloh lajeng bendu
ka mahluk nu model kitu
anu sombong gede hulu
bakal dila'nat geus tangtu.

Di dunya bakal dila'nat
komo engke di aherat
kisah Fir'aon baheula
pieunteungeun sarerea.

07
Dangukeun ieu nadoman
sumangga geura lenyepan
kaagungan Gusti Alloh
estu hebat subhan-Alloh.

Kanggo Alloh mah teu sesah
nyipta manusa sakumna
kanggo Alloh mah teu sesah
nyiptakeun sajagat raya.

Alloh mah maha-keresa
teu langkung sakeresa-Na
dunya ngadadak ngagelar
bumi alam lega ngampar.

Geura sumangga tingali
geura titenan ti wengi
ngadadak poek meredong
leumpang oge rarang-rorong.

Tapi upama ti siang
panonpoe ngempray caang
sadaya ciptaan Gusti
dibeberes teu pahili.

Lajeng tina sela taneuh
ngadadak taneuh teh baseuh
malancer cai nyusuna
ngalocor walunganana.

Tina taneuh anu tadi
renung jujukutan jadi
hejo ngemploh pepelakan
karembangan baruahan.

Tuh tingali itu pasir
ngajajar pating jalegir
tuh tingali itu gunung
ngabedega jararangkung.

Sadaya ciptaan Alloh
hebatna teh subhan-Alloh
sadaya pikeun manusa
matak kudu iman takwa.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19

Pair of Vintage Old School Fru