Snack's 1967
Nadoman QS_79
10
Ayeuna oge sok aya
pirajeunan tunyu-tanya
kiamat iraha bukti
naha beurang naha wengi.

Mun aya nu nanya kitu
pek jawab anu saestu
kiamat iraha bukti
mung Alloh anu tingali.

Urang mah mung ukur mahluk
saukur tumut jeung tunduk
ngan ukur ngajadi saksi
kiamat datangna pasti.

Kawajiban diri urang
ibadah peuting jeung beurang
sumujud ka Gusti Alloh
miharep ridoning Alloh.

Urang mah ukur ngelingan
ngahudangkeun kasadaran
yen kiamat pasti bukti
kaalaman hiji wanci.

11
Dangukeun ieu sing hidmat
nami surat An-Naziaat
ayat opatpuluh genep
lenyepan mangka saregep.

Nalika kiamat datang
duka ti peuting ti beurang
manusa kakara sadar
yen hirup mubah kalantar.

Hanjakal kakara eling
waktuna geus elat teuing
enggeus beakeun waktuna
nutup lawang pangampura.

Katambah waktu harita
karasa ku sarerea
di dunya asa can lila
kakara sakedet netra.

Hirup teh asa can lami
asa kakara kamari
malah asa karek tadi
kitu rarasaan jalmi.

Terang-terang enggeus ahir
dunya eureun henteu muntir
ancur lebur jagat raya
kiamat teh nya harita.

Tina Surat An-Naziaat

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19