Polly po-cket
Nadoman QS_79
08
Ras emut dinten kiamat
kajadian anu hebat
ancur lebur alam dunya
kitu deui jagat raya.

Kakara jelema eling
kiamat harita geuning
datangna ngadadak pisan
tinggaroak jejeritan.

Ras inget kana dosana
dosa nu dipilampahna
teu lila lawang dibuka
lawang asup ka naraka.

Naraka keur jalma kapir
anu hirupna mubadir
anu muja kana harta
sarua muja berhala.

Geuning ari kapir tea
rek saha bae jalmana
anu hirupna pidunya
eta teh kapir sipatna.

Tah jelema anu kitu
ka naraka enggeus tangtu
bakal jadi balad setan
di naraka pangancikan.

09
Bagja temen jalma takwa
iman ka Alloh Ta'ala
anu teu kendat wiridan
nyebat asmaning Pangeran.

Bagja temen jalma mu'min
anu iman hakul yakin
nu mampuh ngajaga diri
hirupna boga kadali.

Mampuh ngadalian napsu
hirupna henteu kalangsu
napsu lahir napsu batin
kadalina takwa mu'min.

Jalma anu iman takwa
bakal lenggah di sawarga
dirahmat ku Nu Kawasa
bagja teuing ahli sorga.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'19