Duck hunt
Nadoman QS_78
01
Assalamu'alaikum
ka muslimin wal muslimat
asalamu'alaikum
ka mu'minin wal mu'minat.

Seja nyanggakeun nadoman
sumberna ayat Al-Qur'an
juz anu ka tilupuluh
mugia jadi pituduh.

An-Naba' nami suratna
tujuhdalapan nomerna
dupi nu jadi ayatna
kahiji dugi kalima.

Anu kapir teu percaya
yen kiamat bakal aya
pajar ukur nyingsieunan
nu kapir teh seuseurian.

Padahal kiamat pasti
bakal cunduk hiji wanci
nu uninga mung Ilahi
manusa mah moal ngarti.

Mun kiamat enggeus cunduk
nu kapir bati ngaheruk
kakara sadar jeung eling
elingna geus elat teuing.

Nu mawi yeuh kanca mitra
urang teh wajib percaya
engke dina hiji mangsa
kiamat pasti cundukna.

Ti ayeuna urang tobat
samemeh dongkap kiamat
mugi Alloh ngahampura
kana samudaya dosa.

02
Nadoman surat An Naba'
sareng nu jadi ayatna
ayat genep sareng tujuh
eusina ngandung pituduh.

Alloh Anu Maha Agung
Nu Kawasa sakalangkung
nyipta bumi saeusina
sadaya damelana-Na.

Ngagelar jadi daratan
sinareng ngaplak lautan
gunung-gunungna ngajega
eta teh jadi paseukna.

Jeung parentul pasir-pasir
pagunungan tingjalegir
eta teh pikeun patokna
nyaimbangkeun ieu dunya.

Kitu agungna Pangeran
anu nyipta bumi alam
urang wajib takwa iman
ka Alloh Nu Maha Heman.

03
Dangukeun ieu nadoman
kahaturkeun patarosan
saha anu nyipta urang
nyipta wengi sareng siang.

Sumangga geura diwaler
sangkan manah urang leler
tambih panceg kaimanan
keur ngandelan kayakinan.

Saha anu nyipta urang
ngahaja dipasang-pasang
aya pameget jeung istri
nu engkena laki-rabi.

Sareng saha nu mepende
urang teh tiasa sare
ngalenggut raos nundutan
kulem tibra nanakeran.

Cik mangga geura waleran
sumangga geura lenyepan
mahaakbarna Pangeran
Maha Welas Maha Heman.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'07