Nadoman QS_79
01
Sakaratna jalma kapir
estuning ku matak watir
ku Ijroil digebugan
anu kapir diteunggeulan.

Digebugan sahabekna
sangkan ka luar nyawana
nyawana mugen embungeun
sieun dikanarakakeun.

Si nyawa didudut tarik
nyawa teh ngajerit ceurik
tingkoceak sosongkolan
sakaratna nu teu iman.

Naha atuh maneh kapir
teu inget engke di ahir
bakal pinanggih jeung maot
dipapag malakal maot.

Sanajan ampun-ampunan
enggeus euweuh kasempetan
tobatna geus elat teuing
naha baheula teu eling.

Tarima bae buktina
sabab teu iman teu takwa
marukan teh bakal lana
langgeng rek hirup di dunya.

Na naon nu diteangan
ngumbar napsu tetemenan
terang-terang geus lekasan
malakalmaot nungguan.

02
Ijroil diutus deui
nampi pancen ti Ilahi
pikeun nyabut deui nyawa
nyawana jalma nu takwa.

Ijroil nyanggakeun salam
panghormat ka mu'min Islam
sang nyawa teh digentraan
seug ka luar lalaunan.

Sang Nyawa lajeng dibetot
ditarik malakal maot
ditarikna lalaunan
teu pegat maca wiridan.

Ngageleser ngagulusur
lungsur- langsar narik umur
teu pisan karaos nyeri
pupus iklas rido ati.

Malaikat nu sanesna,
lalebet ka salirana
nyabutan roh nu sanesna
tina sel- sel salirana.

Malaikat nu sanesna
jajap nyawa ka sawarga
nyawa nu iman nu takwa
pupusna bagja kacida.

Muga teuing diri urang
lamun engke kedah mulang
lamun geus cunduk waktuna
datang ajal geus mangsana.

Hoyong maot iman takwa
iklas ngaleupaskeun nyawa
maot nuju muslim mu'min
ngadeuheus Robul 'alamin.

03
Malaikat sadayana
pada kagungan tugasna
sadaya jadi utusan
kenging pancen ti Pangeran.

Ari tugas malaikat
ngajaga sareng ngarumat
ngatur sagebarna jagat
henteu aya nu kaliwat.

Bentang-bentang nu di langit
tingcarelak tingkaretip
panonpoe sareng bulan
sadaya tumut aturan.

Tapi dina hiji mangsa
ngadadak sajagat raya
ancur lebur pabalatak
dunya bencar paburantak.

Dunya sakitu wedelna
harita ancur sadaya
eta teh kiamat tea
bakal bukti hiji mangsa.

04
Dupi poe pangadilan
eta bakal dicirian
aya tangara soara
nu disebut sangkakala.

Sangkakala nu kadua
sorana tarik kacida
nu maot harudang deui
ka luar ti jero bumi.

Kabeh manusa degdegan
hatena teh gegebegan
pikir ketir sieun pisan
mikiran nasib sorangan.

Silih rangkul jeung baturna
silih tanya jeung sobatna
euleuh geuning hirup deui
padahal geus maot lami.

Geus tangtu urang cilaka
da hirup pinuh ku dosa
rugi teuing diri urang
cilaka henteu kapalang.

Sakabeh umat careurik
rajeg di sagara keusik
narangtung luhur tegalan
nu legana tan wangenan.

Eta poe pangadilan
bakal nampi kaputusan
saha anu ka sawarga
jeung saha nu ka naraka.

Back | 1 | 2 | 3 | 4

Home | 2024'05'07

Polly po-cket