Disneyland 1972 Love the old s
Nadoman Hikmah
01
Alloh Nu Maha Uninga
Kana sadaya dawuhNa
Mungguhing urang manusa
Wajib kedah percantenna.

Kana Qur'an ulah hamham
Ulah waswas ragu-ragu
Upami urang mihamham
Tangtos urang buntu laku.

Sadaya umat Pangeran
Kedah kenging tuduh jalan
Nu mawi lumungsur Qur'an
Pikeun tuduh jalan iman.

Tawisna nu takwa to'at
Yakin ayana aherat
Solatna teh tara pegat
Ku Alloh tangtos dirahmat.

02
Mun urang nampi rejeki
Rejeki pabagi-bagi
Sasama ge kabagean
Rejeki silih agehan.

Jelema nu iman mu'min
Panceg percaya tur yakin
Kitabulloh nu baheula
Eta ge dawuh Mantenna.

Jelema nu iman mu'min
Yakinna aenal yakin
Yen engke teh hirup deui
Bakal deuheus ka Ilahi.

03
Mungguhing nu iman takwa
Kenging pituduh Mantenna
Hirupna kenging panungtun
Henteu lesot ti panuyun.

Eta teh bagja utama
Rahmat teu kinten ageungna
Mulus salamet hirupna
Kenging pituduh Mantenna.

Nu kitu hirup rahayu
Kenging pituduh lumaku
Moal sasar katambias
Moal hamham moal waswas.

04
Jelema anu mantangul
Hirup nyuruntul ngabedul
Hese dibere pepeling
Langlang-lingling lir teu eling.

Mangeran kana napsuna
Ngagugulung kahayangna
Aturan kabeh dirumpak
Ngaruksak jeung ngagalaksak.

Lajeng ku Alloh ditutup
Kalbu dibulen dirungkup
Hatena teh ditulakan
Pangreungeuna dicocokan.

Batin jadi kurunyinyi
Tebih ti hidayah Gusti
Cilaka estu cilaka
Jalma nu kitu lampahna.

05
Seueur pisan kajantenan
Ngaku- ngaku panceg iman
Padahal gagaleongan
Kaimanan reureundahan.

Sering pisan kaalaman
Pura-pura ngaku iman
Ari lampah euwah-euwah
Kitu salah kieu salah.

Lamun nyieun kasalahan
Pek omean gagancangan
Gancang menta dihampura
Ka Alloh Maha Kawasa.

Kitu lampah sasab pisan
Tetela nipu sorangan
Tapi tong peunggas harepan
Nu salah gancang omean.

06
Jalma munapek sipatna
Mun leukeun nitenanana
Sok resep nyieun alesan
Keur nutupan kasalahan.

Kasalahan diteumbleuhkeun
Geugeuleuh dika-baturkeun
Hatena pinuh werejit
Kotor jeung pinuh rurujit.

Mun hareupeun ngomong hade
Tukangeun mah ngalelewe
Nu kitu tong jadi sobat
Sabab mindeng ngahianat.

07
Lamun urang gaduh jangji
Kade ulah lanca-linci
Subaya kedah cumponan
Sabab eta kahormatan.

Jelema nu jalir jangji
Eta teh sami saharti
Reujeung ngaruksak pribadi
Henteu ngajenan ka diri.

Nu teu pageuh kana jangji
Nu kitu munapek pasti
Hirupna moal jamuga
Bakal pinanggih tunggara.

08
Kade jaga eta letah
Sabab mindeng mawa salah
Seukeutna leuwih ti pedang
Raheutna matak gudawang.

Loba nu meunang cilaka
Lantaran tina ngomongna
Ngomong teu dipikir heula
Tangtu hanjakal ahirna.

Ngomong ngabuih ngabudah
Mindingan lampah nu salah
Ngaku-ngaku iman takwa
Padahal reka perdaya.

Iman ukur kaheureuyan
Kawas bunglon lolondokan
Kitu peta salah pisan
Kudu gancang dijauhan.

09
Mangkade ulah mokaha
Ngaheureuykeun pidawuh-Na
Dipake ocon guguyon
Kitu peta estu awon.

Jalma ngaheureuykeun ayat
Moal pinarinan rahmat
Jeung moal kenging sapa'at
Sabab ngaheureuykeun ayat.

Ayat teh dawuhan Gusti
Lenyepan mangka kaharti
Sangkan urang ulah rugi
Hirup jadi ngandung harti.

Ayat ulah diheureuykeun
Kuduna teh dihartikeun
Sangkan hirup ulah rugi
Tur kenging rido Ilahi.

Back | 1 | 2 | 3 | 4 | 5

Home | 2024'05'08